Minggu, 08 Maret 2015

DINTEN PERE NYABA KA SADEREK

Manusa adalah makhluk social nyaeta makhluk anu teu tiasa hirup sorangan, ku sabab manusa butuh komunikasi, diantarana ka saderek. Kuring paling resep nyaba ka saderek, komo deui dina dinten pere sakola, teuing eta dinten poe minggu atanapi dinten poe pere nasional atawa hari raya. Kuring gaduh seueur saderek ti saderek bapak sareung ibu. Anu paling cekap beda beraha RT ti imah kuring, aria nu paling tebih aya di Soreang, Kabupaten Bandung nyaeta adik pun Bapak. Mun geus karumpul kaluwarga teh, manih gandeng pisan. Aya anu geus dewasa, anu saumuren sareng kuring, sareng aya anu paling ngora malahan mah aya anu aya orok keneh. Mun paling resep mah dina dinten lebaran sok nyarieunan aya kartu ucapan, aya kado pirantieun tuker tukeran ka saderek. Ari anu di Soreang mah, mun dinten liburan sakola kuring mun keur hayang nyaba kaditu angkatna sok sareung saderek anu laenna. Ku sabab mun sorangan mah sieun pisan. Mun di soreang manih resep teh, da diditu mah hawana tiis pisan sareung seueur buah buahan utamana mah strawberry. Di ditu teh, bisa ngabeakkeun waktu nepi saminggueuen. Kusaking resepna pisan. Da kuring mah inget ka ukhuwah islamiyah sareung paribasa sunda silih asah, silih asih, silih asuh. Makana kuring resep nyaba ka saderek.